Mar 06

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar , atuh puguh lapar pisan.

“Mah lapar henteu?”, Abah

“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”

“Wah lamun aya Padang mah ngeunah meureun”

“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”

“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”

“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.

Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.

Enya waé palayana téh robot.

Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

“What is your nationality?”, robot nanya.

“Indonesia” ceuk Abah.

“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.

“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.

”, ceuk Abah.

“Wilujeng sumping. pesen naon?” ceuk robot maké basa .

“Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.

“Aya”

“Pesen dua porsi”

“Porsi ageung alit?

“Porsi ageung”

“Sabaraha céngékna?”

“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”

“Nganggo kangkung?”

“Enya”

“Nganggo waluh?”

“Enya”

“Nganggo engkol?”

“Enya”

“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?”

“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.

“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”

“Kumaha sia !”

“Kacangna setengah atanapi ?”

“Goréng sing garing!”

“Nganggo goréng bawang henteu?”

“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.

“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”

“Dipiringan !”

“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”

“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira menitan kakara robot téh ngomong deui :

“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu dicumponan”

“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”

“Kumargi teu acan aya jalantahna………..”

“Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”

Abah gura-giru indit bari ambek

lg share en ROBOT
Tags: , , , , , , , , , , , , , , , , , , , ,

written by Raynald Kartawan \\ tags: , , , , , , , , , , , , , , , , , , ,

Sep 09

Hiji sore keur panas mentrang mentring, kang kikiplik di teras imahna bari halabhab.

Kang emod : “, pan manes geus diajar ngitung nya………….ka warung jig pang meulikeun keur urang sa imah”

Ncep : “nya bapa………..ncep bisa ka warung”

Kang Emod : “Meuli kola hiji keur bapa, hiji keur ema, hiji keur , jeung hiji keur encep. Jadi sabaraha kudu meuli nya?”

Ncep : “ bapaaaa……….”

Kang Emod : “…………….naha tilu ??? Cik itung deui sing terapti, bapak, emak, euis, jeung encep hiji sewang, jadi koka kola sabaraha botol ?”

Ncep bari molohok ngajawab

lalaunan :……………….til……….lll……uuu

Kang Emod jadi ambek, sementara si Ncep keukeuh : Tilu”

Teu sabar kang Emod geus rek nalipan si Ncep.

Si Ncep bari cirambay keukeuh ngajawab : “Koka kola tilu botol bapaaaa……………da Ncep mah hayang pantaaaa………………..

lg share en Hayang Panta
Tags: , , , , , , , , , , , , ,

written by david \\ tags: , , , , , , , , , , ,

May 30

a. Private Ryan – Nulungan si Rian

b. At The Gate – Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard – Teu -Paeh

d. Die Hard II – Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance – Nya’an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys – budag bedegong

g. Rocky – Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man – Lalaki Cicing di Bogor

i. Here’s Something About Marry – Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible – Moal Bisa

k. Titanic – Tilelep

l. Paycheck – Nganjuk Heula

m. Reign of Fire – Beubeuleuman

n. Original Sin – Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle – Cenghar Di Ciateul

p. – Embe Pundung

q. Ghost – Jurig Kasep

r. Bad Boys – Budak Baong

s. Are We There Yet? – Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone – Tinggaleun

u. Casablanca – Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds – Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening – Hudang Sare

x. After The Sunset – Tereh Maghrib

sumber: http://ketawa.com/humor-lucu/det/4711/film_film_hollywood_versi_bahasa_sunda.html

pixel Film Film Hollywood Versi Bahasa Sunda
lg share en Film Film Hollywood Versi Bahasa Sunda
Tags: , , , , , , , , , , , , ,

written by Raynald Kartawan \\ tags: , , , , , , , , , , ,

Get Adobe Flash playerPlugin by wpburn.com wordpress themes

Get Adobe Flash playerPlugin by wpburn.com wordpress themes